Jumat, 31 Oktober 2014

NU SIEUN KU KALANGKANG SORANGAN [Kénging Ahmad Fawzy Imron ]




Imah leutik. Euweuh jandéla. Pantona nulak sapanjang beurang. Manéhna ngahéphép bari teu eureun luak-lieuk, niténan tukang jeung hareupna. Melongkeun luhur jeung handapna. Rénghapna sakerep ci hujan nu ragragan. Kadang nyoara, sanajan ukur gerung teu puguh nu kedalna.Mun pasosoré datang, sok pirajeunan aya nu ngetrok kana panto imahna. "Sarpala...ieu kadaharan. Geura ampihan." Jempling deui.Sapanjang peuting. Lawang muka tulakna. Manéhna angger ngahéphép bari teu leupas mencrongkeun panon ka unggal nu asup ka jero imahna. Sapanjang peuting, puluhan wujud nu dibulen ku kaén hideung, maturan manéhna. Aya hangru nu seukeut kaangseuna. Sora-sora nu kaluar ukur gerung nu teu puguh kapirengna. Bangké-bangké hayam nu ti soré kénéh geus sadia, ukur nyésa tulangna.Peuting ampir lekasan. Nu maturan geus laleungitan. Panto ditulakan. Manéhna ngahéphép. Aya tapak getih dina bahamna. Napasna kerep pisan, siga ci hujan nu ragragan. [http://fikminsunda.com/arsip/petingan]

Tidak ada komentar:

Posting Komentar