Jumat, 31 Oktober 2014

KA BAYAN ÉS BAJIGUR [Kénging Rohendi Pandeglang]

Panon poé mentrang. Ka Bayan dagang bajigur. Panas dilawan. Haténa galécok méménta kana sungapan langit, sing turun pitiriseun.
Kasorénakeun beuki ngahéab. Doang ngahajakeun. Nu pimeulieun areuweuh. Tukang sop buah, laris manis kanu harayang tiis.
Sareupna, angger teu béak héab. Teu éléh géléng, Ka Bayan meuli és batu. Gujubar bajigur nu haneut ditiisan. Diasaan sorangan, "tah... tah... ahéng yeuh, és bajigur, anu héés kadeuleu jubur...!" hahariringan, ngasuh kakeuheul. Bajigur tiis mairan, ngalokan "aweu...aweu...aweu, haras...haras..." Ramé. Nu mareuli sop buah nyalampeurkeun. Ngariung pagelaran és bajigur Ka Bayan. Lang-lung ngalungkeun récéh. Ka Bayan jeung és bajigur beuki maceuh. Lang-lung jadi rébuan, lima rébuan, puluh rébuan, lima puluh rébuan, ratus rébuan. Ayeuh-ayeuhan.
Ger hujan badag, ngagebrét. Pangalungan teu kapulungan, lapur kabawa palid cileungcang.
Barang raat, aya nu nyalampeurkeun Ka Bayan. "Dua gelas Ka?!" "Tilu dibungkus Ka?!" "Dua gelas di dieu, tujuh dibungkus Ka?!" Raong.

Balik lumayan, bajigur tiis géh payu, ngagerenyem. Tepi ka imah, ngagakgak... duit pangalungan pabalatak dina kolong imah. Cileungcangan.[http://fikminsunda.com/arsip/petingan]

Tidak ada komentar:

Posting Komentar